Tuesday, 9 June 2015

KUMPULAN DONGENG DAN SISINDIRAN

Kumpulan Dongeng
Cipeucang
Kacatur Kacaritakeun Cak Kolot, Dihiji Tempat Anu Ayana Di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti Aya Hiji Lembur Nu Ngarana Cipeucang. Kunaon Eta Lembur Teh Dingaranan Lembur Cipeucang, Cak Kolot Baheula Diieu Lembur Teh Loba Sasatoan Terutama Peucang, Sato Bangsaning Embe Anu Awakna Letikan Ti Embe.
Di Ieu Tempat Teh Aya Cai Anu Ngocor Titungtung Kidul Nepi Tungtung Kaler Nu Di Sebut Cipamingkis. Tah Di Cipamingkis Ieu Bangsaning Sasatoan Ngarinum Terutama Peucang. Kusabab Cai Teh Jadi Tempat Kahirupan Mahluk Anu Harirup Sato, Tatangkalan Oge Jalma Kabeh Ngabutuhkeun Cai.
Tah Kusabab Kitu Ieu Lemburteh Dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna Tina Ngaran Sato Nyaeta Peucang Jeung Cai Anu Ngalir Di Eta Tempat, Ci = Cai Anu Ngalir Di Eta Tempat, Peucang = Sato Anu Loba Baheula Didinya. Disebut Weh Cipeucang.
Nepikeun Kiwari Oge Masi Aya Keneh Cipamingkis Anu Ngalir Di Cipeucang, Jeung Masi Loba Jalma Lamun Usum Halodo Kacarainateh Ka Cipamingkis Eta.
Jeung Hiji Deui Di Ieu Lembur Teh Lahir Saurang Jajaka Nu Ganteng Ngalempereng Koneng Loba Nu Resep Jeung Nu Bogoh. Tepatna Kaping 16 Sasih Mei Warsih 1987 Di Lahir Keunana. Dugi Ayeuna Eta Jajakateh Aya Keneh Ayeuna Kuliah Di Upi Kampus Purwakarta Nu Jenenganana Ojim 
Siluman
Jaman Baheula Dihiji Tempat/Werwengkon Didinya Teh Kacaritakeun Lembur Anu Kacida Sarienen Nana Jelema Ngaliwat Kadinya, Yen Beja Didinya Ari Peting Tara Aya Lampu, Pokona Paroek Jeng Loba Begal. Lamun Aya Jalma Peting-Peting Liwat Kandinya Cak Beja Sok Dicegat Garong/Begal Pokona Sakumaha Harta Nu Dibawa Ku Jalma Teh Kudu Dibikeun Ka Garong Lamun Hente Diancam Bakal Dipaehan Atawa Disiksa.
Caritana Yen Brgal/Garong Anus Sok Nyegat Ditempat Etateh Nyaeta Jalma Anu Cicing Di Tempat Eta, Penduduk Didinya Kusabab Kitu Jalma Sarieuneun Liwat Kadinya Teh. Jeung Deui Anu Jalma Anu Nempatan Tempat Eta Teh Jaragoan Utamana Jago Kadugalan.
Kusabab Kitu Jalma Nyarebutna Eta Tempat Siluman, Lembur Siluman Terusnamah. Eta Tempat Teh Aya Di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah Ayenamah Silumanteh Jadi Ngaran Desa Nyaeta Desa Siluman. Da Ayeunamah Aman Biasa Wae Kos Daerah Nu Sejenna Eweuh Begal Eweuh Garong, Kecuali Katukangeun Lembur Etateh Aya Trotoang Panjang Da Nepi Ayeunage Sok Sarieuneun Jalma Liwat Kadinya Tipeuting Mah.
Tah Kitu Caritana Kunaon Eta Tempat Teh Disebut Siluman, Nu Ayeuna Desa Siluman.

Kuya Ngagandong Imahna
Jaman Baheula Aya Kuya Imah-Imah Di Sisi Muara. Gawena Ngahuma, Ngahumateh Indit Isuk Datang Sore Magrib.
Hiji Poe Kuya Keur Di Huma, Aya Hujan Geode Bari Jeung Angina. Tatangkalan Rarungkad Imah Kuya Oge Kaapungkeun Murag Ka Leuwi Brus Ti Teleum. Sakadang Kuya Sedih Kacida, Isukana Manehna Ngieun Dei Anu Leuwih Keker Supaya Te Kabawa Angina.
Hiji Poe Manehna Balik Ti Hima, Kuya Teh Masak Pikeun Dahar Sore. Sabot Masak Kuya Kacai Hela, Keur Di Cai Katingali Hasep Ngebul Dina Suhunan Imahna Ku Kuya Diburu Tapi Imah Geus Angus Seneuna Gede Nakeranan. Kuya Teh Ceurik.
Keur Kitu Jol Bae Monyet Kolot. Monyet Ngomong Ka Sakadang Kuya, “Tong Ceuri Sakadang Kuya Ngieun Deui Imahmah!”
“Anu Matak Sakadang Monyet Lain Sakali Wae Kacilakaan Imah Teh Bareto Kabawa Angina. Kudu Kumaha Akalnanya Supaya Imah Awet?” Cak Sakadang Kuya! Sakadang Monyet Ngajawab, “Gampang Atuh, Ngarah Imah Ulah Cilakamah Dibawa Bae, Ulah Ditinggalkeun. Pek Ngieun Dei Anu Alus Tur Kuat Ke Lamun Geus Anggeus Arang Tangkodkeun Kana Tonggong Anjeun, Pantone Sakira Asup Sirah Supaya Gampang Ngelokeun Sirah Ka Jero.
Eta Papatah Teh Ku Kuya Diturutkeun, Saenggeus Anggeus Prak Ditengkodkeun Dina Tonggongna, Monyet Anu Memenerna. Nah Ti Haritamah Imah Sakadang Kuya Teh Sok Dibabawa Bae, Digagandong.

Kacaritakeun Jaman Baheula Aya Oray Naga Geus Lila Ngalamun Hayang Nyaba Ka Kahiyangan. Unggal Isuk Eta Oray Teh Osok Dangdan Mapantes Maneh. Tapi Keukeuh Teu Ngarasa Ginding Lantaran Teu Boga Perhiasan, Mangkaning Arek Ngadeheus Ka Dewa.
Sanggeus Mikir Manehna Inget Ka Sobatna Sakadang Titinggi, Maksudna Arek Nginjeum Tanduk Ka Sakadang Jago Haritamah Jago Teh Aya Tandukan Menta Di Anteur Ka Titinggi. Sanggeus Aprok Dicaritakeun Sakabeh Pamasalahan Naga Ka Jago. Maksudnamah Nginjeum Tanduk Ka Jago, Engke Dianteurkeuna Deui Ku Sakadang Titinggi Cak Sakadang Naga.
Hayam Jago Teu Nembalan Lantaran Apal Jahat Jeung Licikna Naga. Lila-Lila Naga Ngarayu, Jago Oge Merekeun Tandukna Ka Sakadang Naga. Cak Naga Ka Jago “Engke Tandukna Dibalikeun Deui Dianteurkeun Ku Titinggi Samemeh Balebat, Lamun Balebat Can Balik Wae Bisi Kaula Poho Ngawangkong Jeung Dewa, Anjeun Mere Tanda Weh Kongkorongok Sing Tarik.”
Geus Kitumah Jung Weh Naga Jenug Titinggi The Arindit. Isukna Samemeh Balebat Hayam Jago Kongkorongok Satakerna. Sakali Dua Kali Titinggi Teu Datang Wae, Terus Jago Teh Kongkorongok Sababaraha Kali Deui, Tapi Tetep Titinggi Teu Dating Keneh Bae. Nepi Ka Brayna Berang Titinggi Teu Datang-Datang.“Keun Sugan Cenah Peuting Engke” Pok Hayam Teh. Tapi Weleh Ditunggu Nepi Kasubuh Titinggi Teu Dating Keneh Wae. Pohara Ambekna Hayam Jago Nepi Ka Nyancam Lamun Titinggi Dating Arek Di Pacok Nepikeun Ka Paehna. Ti Harita Hayam Jago Teh Tiap-Tiap Subuh Kongkorongok Sarta Mun Papanggih Jeung Titinggi Sok Langsung Dipacok Nepi Ka Paehna, Males Pati Dumeh Kungsi Ngabobodo.

Kacatur Jaman Baheula Aya Dua Jalma Adi Lancek. Nu Cikal Ngarana Jana, Ari Nu Bungsu Jani.
Ki Jana Ka Asup Jelema Benghar, Lega Sawah Lega Kebon. Tapi Koret, Tara Barang Bere Jeung Tutulung. Tapi Ki Jani Mah Bari Jeung Miskin Oge Ari Boga Rejeki Teh Sok Mere Kanu Butuh.
Hiji Poe Ki Jani Nginjem Beas Ka Ki Jana Tapi Manan Dibere Malah Dicarekan. Untung Pamajikan Ki Jana Karunyaeun. Susulumputan Ti Salakina Mere Beas Ka Ki Jani Sacangkir Jeung Lauk Asin. Bari Nalangsa Ki Jani Balik Ditengah Jalan Aprok Jeung Aki-Aki Awakna Begang Lempangna Rumanggieung, Atuh Karunyaeun Diajakan Ka Imahna. Nepi Imah Beas Dibubur Saenggeus Asak Didalahar Bareng. Isuk-Isuk Keneh Aki-Aki Teh Geus Pamitan. Memeh Indit Aki-Aki Teh Mere Jimat Ka Ki Jani Mangrupa Lilisungan Jeung Haluna Tina Perak. “Naon Wae Anu Dipikahyang Ku Ujang, Sebutkeun Wae Bari Nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’Tilu Kali,” Ceuk Aki-Aki Teh, Engke Tangtu Haluna Nutu Sorangan, Sarta Anu Dipikahayang Kaluar Tina Jero Lisung. Ngereunkeunana Lisung Kudu Dibere Taneuh Saetik. 
Gancangna Carita Ki Jani Geus Benghar, Tapi Tetep Resep Ngabantu Jeung Tutulung Kanu Susah. Barang Ki Jana Ngadenge Adina Beunghar Manehna Sirik , Bari Boga Niat Jahat Hayang Miboga Jimat Eta. Hiji Peuting Ki Jana Datang Ka Jani, Ku Ki Jani Dicaritekeun Kabeh Ka Ki Jana Carana Make Lisung. Terus Dibawa Minggat Ku Lanceukna Ka Alas Pentas. Mangsa Dina Kapal Geus Eweuh Uyah Ki Jana Menta Kalisung Uyah Kaluar Uyah Teh Teu Ereun-Ereun, Ki Jana Poho Teu Mawa Taneuh. Nepi Ka Kapalna Kelebuh Teleum. Ti Harita Cai Laut Jadi Asin.
Carpon
Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”
Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung. Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”
Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”
Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”
“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”
Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
de“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.
Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.
“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.
Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung. Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui. Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.

Onyet
Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.
Jol pamajikanana, diuk gigireunana.
“Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak, can gaduh wiwaha”.
Kang Sabri ukur ngarérét ka pamajikanana, terus neuteup ka jauhna. Jung nangtung, babatek awak.Kang Sabri nitah pamajikanana nyokot sapatu olah raga.
Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan komplék imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu ngarti ka budak, bener budak mah can boga wiwaha, komo ieu kakara umur tilu taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé.
Kabisana kakara diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah, ruwal rawél kana naon baé nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak mah can boga wiwaha.Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi Amah?
Asa mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah téh ukur badega di imahna, asa pamohalan nepi ka kudu ngomongan budak nu teu pararuguh mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.
Kang Sabri téh boga budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé awéwé, kakara kelas lima SD. Nu bungsu lalaki, umurna kakara opat taun jalan. Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua téh, ngan hayang lalaki, kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak umurna gé rada ganjor jeung lanceukna.
Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan nérékél najan kakara kasubdin di pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan, indit subuhdatang peuting téh enyaan. Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé kantoran. Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW, osok rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si bungsu nu leutik kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang Ciawi Tasik wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh, malah geus teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge dititah nyebut Enin, nenehna tina nini.
Kang Sabri ngemprid lumpat, ngurilingan taman di komplék imahna. Mimiti mah diajam hayang bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh. Tapi budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah ceurik bari montel ka indungna. Haté kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka budak. Budak téh tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa nyebut ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu bungsu ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro digeroan, dalah dideukeutan gé budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan ari batur mah budak lalaki jeung bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih kélékéték téa. Ieu mah éstu siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah teu bauan, malah ku batur mah sok disebut wanter. Atuh jeung lanceuk lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut tétéh, bari rada cadél téa. Ka lanceuk nu panggedéna sok ménta dipanggambarkeun lauk emas atawa guramé, da karesepna kana lauk cai. Mun dahar jeung lauk emas atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.
Sadar kana karumasaan sok tambélar ka kulawarga, kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré sok ngusahakeun aya diimah, ambih bisa babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan kaliwat, ngan can kaciri aya hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé Saptu ayeuna. Bagja temen mun bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak, meuli surabi sisi jalan atawa meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari gogonjakan, sakalian mépés késang.
Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang, bari rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur olah raga, dalah keur mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa, kadu tos dikintun opat puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu nelepon.
“Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK apaleun, ganti ku istilah guramé”
“Siap pa, asal proyékna nu sanés kénging deui ku abdi”
“Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari nutup hapéna.
Kang Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa bungangang, bari nyusut késang nu mimiti renung dina tarangna. Aya dua kuriling deui mah, ngurilingan taman, terus mulang.Di hareupeun imahna leumpang rerencepan da kadéngé budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku lanceukna. Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan budak téh sonagar.
Kang Sabri teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur heureuy, panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”. Angkanan mah budak téh rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…” tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina hayang heureuy jeung budak téh jadi ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu ngajawab, ngan budak wé nelenjeng ngagabrug ka indungna.
Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah ragana, gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil, ngaguluyur teuing kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka dirina, naon atuh onyét téh.
Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk guramé, aya kuéh jeung cocooan.
Di imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak, kitu wé maca Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké sarung leutik jeung dipéci bodas. Pantes budak téh jeung kasép deuih.
Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana mah cul wé nambru di tengah imah.
Bi Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé dokoh, pokna gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun pisan, supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan waktuna magrib. Geus kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus ngadongéng, tara lila paling gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh monyét jeung kuya. Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak mani émprak, atoh sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya, monyét nginjeum suling tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui.
Cék Bi Amah “Tah urang mah teu kénging siga onyét, teu kenging hawek, teu kenging cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh haram, komo upami mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”.
Celengkeung téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.
Lanceuk-lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.
Peutingna sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan pamajikanana.
“Kang urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci bersih kénéh, boa urang nu kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan boh saur agama boh darigama”.

Girimis Teu Baé Raat

Asa geus peuting pisan. Girimis can baé raat. Basa lilir téh, karérét adi kuring keur ngajanteng deukeut jandéla. Hordéngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah laluasa nyawang ka luar. Leungeun katuhuna baé nyampay kana sarigsig. Najan teu pati caang, cahaya lampu ti tebéh buruan wasa nétélakeun yén adi kuring keur alum ngungun.

Ti peuting kamari kénéh, adi kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas kitu. Utamana mun mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manéhna sok ngajanteng deukeut jandéla, nyawang ka luar. Kituna téh sok bari ngembeng cimata.

Hiji mangsa mah kungsi dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna téh majar keur ningali Apa.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan,” omongna.
Emh.
Diteuteup deui, manéhna bangun enya nu keur betah nyawang ka buruan nu majar Apa keur ngajanteng lebah dinya. Sok lila kituna téh. Éta baé, méméh girimis raat mah, bangunna cadu teuing kudu gancang lugay tina deukeut jandéla geusan muru pangsaréan.
Ari peuting ayeuna, adi kuring geus ngajanteng deui deukeut jandéla. Lebah pipina katémbong baé aya nu ngagurilap sésa cimata nu ngamalir taya reureuhna.

Girimis di luar can kénéh baé raat.
Pirajeuneun kuring turun tina pangsaréan. Tuluy ngadeukeutan muru manéhna. Sarérétan gé laju katangén, lebah juru panonna aya kénéh sésa cimata, ngeyembeng bangun nu ngadago limpas.
Ti mangkukna mula, teu kalis ku dibeberah jeung dililipur, ngungunna téh bangun nu taya anggeusna. Tuda enya, saréréa gé taya nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar téh. Teu gering teu lungsé ieuh, Apa bangun léah dipundut ku Nu Kagungan. Bari calik keur ngariung balakécrakan  satutas sambéang Magrib, Apa rubuh ngarumpuyuk. Kungsi neuteup ka saréréa méméh enya nilar sabada ngucapkeun lapad Alloh.

Lah!
Diteuteup deui téh, adi kuring anteng baé mencrong ka buruan. Ti tatadi gé da teu sing aya sasaha ari lain tangkal jambu jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti tebéh buruan teu caang teuing gé, puguh sidik taya sasaha atawa sugan aya nu ngadon ngulampreng rumingkang.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan…,” omongna deui.
Ema nu kitu téh deuih. Ti saprak Apa mulih téa, Ema mah taya pisan kabéragan. Méh saban waktu Ema kudu waé bedah cimata. Tuga gé Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna pisan. Malahan Ema ku anjeun bangun enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh. “Lailahaillalloh…”
Bet temahna, Ema
Sok rajeun katémbong numpi ngalangeu di kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum dahar, walonna téh can hararayang atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring geus dalahar atawa acan?
Leuh!

Di luar, girimis kalah asa beuki kerep. Sawaréh mah sawér pisan kana kaca jandéla. Sora séahna bet sada-sada talatah Apa ti kaanggangan, “Masing leket bebekelan ibadah keur bawaeun mulang…”
Ari dirérét, adi kuring kalah ka enya ngagukguk, cimatana limpas cara cihujan di luar nu murubut sanggeus bahé ti luhur langit.
“Ku naon Apa teu keresaeun lebet ka bumi…?” cenahna téh.
Disérangkeun ka buruan, cara tadi da puguh taya sasaha.
Kalah girimis beuki lila beuki kerep waé. Adi kuring anteng kénéh ngajanteng deukeut jandéla. Leugeunna beuki pageuh ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki rosa waé. Sakapeung témbong obah taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.

Teu lila tina kituna, manéhna malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.

“Ku naon Apa teu disina lebet?” tuluyna téh.

Kari kuring nu bati hémeng. Disérangkeun deui ka buruan, angger taya sasaha. Sanggeus ngaleupaskeun leungeunna tina sarigsig, ngan deregdeg baé manéhna ngejat ka luar ti kamar bari tuluy nelenyeng muru panto hareup. Basa dituturkeun gagancangan, bet srog téh horéng Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa geus ti tatadi Ema ngajantengna téh. Pannona témbong semu carindul. Cimatana baé gugurilapan katojo ku cahaya lampu ti tebéh buruan.

Sajongjongan mah anteng baé neuteup ka kuring.

“Pangnyandakeun paying di pengker kanggo Apa…,” tuluyna téh semu dareuda.
Basa diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa ngabedahkeun deui cimatana. Geus kitu mah, ngan segruk waé Ema muru korsi di rohangan tengah tuluy nyaluuh bari nginghak.
Harita pisan deuih adi kuring ceurikna bedah sapisan. Girimis mah duka iraha raatna.



Batu
Balé Désa Sukaramé, angin ngahiliwir, motor lalar-lilir lalaunan dina jalanna nu can diaspal, tina taneuh jeung batu kénéh. Di balé, keur  diayakeun musyawarah antara kapala désa jeung warga. Ngamusyawarahkeun duit anu disumbangkeun ku pamaréntah ka Désa Sukaramé.
“Assalamu’alaikum wr.wb. Ayeuna urang saréréa ngariung didieu pikeun mutuskeun badé dikumahakeun sumbangan 100 juta ti pamaréntah. Saur Pa Camat, saéna mah ieu sumbangan téh dianggé pikeun ngabangun ieu désa. Masalahna, naon nu rék dibangun kuurang? Aya nu badé ngaluarkeun pamadegan?”, Pa Kadés muka musayawarah.
Pa Dudin sumanget langsung ngacung.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang ngabangun mesjid deui?”
“Maenya mesjid deui, apan karak kamari ngabangun mesjid téh?”, ceuk Pa Tono rada sinis.
“Muhun Pa Dudi, leres saur Pa Tono. Saéna mah ieu sumbangan urang anggé kanggo keperluan anu penting pisan”, saur Pa Kadés.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang lereskeun pasar wé atuh, renovasi...”, saur Hj. Enok, juragan jengkol Pasar Sukaramé.
“Ah, éta mah ngeunah teuing didinya, nu boga jongko. Pa Kadés, kumaha lamun urang ratakeun jalan désa, tos teu aya bentukan jalan teh, ngagarinjul batu wungkul, matak paur ka nu nyandak motor. Jeung deuih batu-batu na paur ngabetrik ka nu lalar-lilir di jalan. Mun tiasa mah di cor”, ceuk Mang Ujang.
“Saé tah Kang Ujang, kumaha nu sanés? Satuju teu?”
“Satuju...”, ceuk warga nu séjén babarengan.
Singget carita, dina éta musyawarah kénéh, dibentuk hiji tim proyék pikeun ngaratakeun jalan désa. Anggota éta tim nyaéta Mang Asép, Mang Dudi, jeung Mang Suha. Tiluan éta téh katelah tukang bangunan nu pangjagona di Désa Sukaramé.
Isukna, éta tim ngayakeun survei lapangan, pikeun ngadata naon waé nu diperlukeun jang éta proyék.
“Sok, ayeuna mah urang ukur heula jalanna, supados gampil ngitung bahanna”, ceuk Mang Asép.
Der éta jalan diukur maké méteran nu sok aya di tukang jait.
Saméter... Dua méter... Tilu méter...
.......
Salapan puluh lima meter... Salapan puluh genep meter...
“Wah, Mang Suha, Mang Asép, gawat ieu mah. Aya batu!”, Mang Dudi manggihan batu nu gedé na kacida
“Kudu diangkat ieu mah, pan rek diratakeun heula saacan dicor”, ceuk Mang Suha.
“Kumaha ngangkatna coba, gedé kieu. Kudu diancurkeun heula ieu mah”, témbal Mang Asép.
“Maké naon ngancurkeuna? Gedé kieu batuna, tuh panjangna gé meni sameter satengah”, Mang Suha bingung.
“Maenya kudu ku bor??? Tukang sumur bor di lembur urang téa, mahalna kacida”, ceuk Mang Dudi.
“Ah moal neurak ku bor mah, bangun kandel batuna gé, kumaha atuh?”
“Nya kumaha deui atuh, kudu nyéwa buldoser???”
“Ayeuna mah urang ka Pa Kadés wé, bisi salah”
Tepi di balé désa, Mang Suha langsung nyaritakeun masalah éta batu.
“Urang nyéwa buldoser wé lah ari kitu mah, ari tos ancur mah pan gampang diangkat na gé”, ceuk Pa Kadés.
Der buldoser disewa, aya kana 10 juta kaanggo. Isukna buldoser nu disewa datang.
“Mana batuna?”, ceuk tukang buldoserna.
“Ieu tah”, témbal Mang Asép bari nénjrag éta batu, nincakna ditanagaan.
Kreeekkreekrekk...
KREETEK...
Can dibuldoser, can dikumaha batu téh. Sanggeus ditincak ku Mang Asép éta batu langsung potong, raretak.
“Hor, naha ancur tiheula batu téh???”, Mang Asép bingung.
Tuluy ditempo, ditilikan éta batu téh ku tiluan.
“Ah! Paingan, badag wungkul batu téh!!! Kandelna mah ngan sasenti!!! Ditincak gé potong sakieu kandelna mah!”
“Boro mah geus nyéwa buldoser!!! Lapur aing mah...”, Mang Dudi keuheul.
” Kumaha laporna ka Pa Kadés???”, tiluan baringung.
“Mantakna, mun ningali masalah téh tong sok langsung ngarasa hésé, cobaan wé heula, bisi wé bisa urang pecahkeun masalahna...”, ceuk tukang buldoser tenang, da geus dibayar.

Guguritan
Guguritan Pupuh Kinanti
Kabulusan Ku Hujan
Karya : Akmal Syarip
Pupuh Kinanti
Tos jalan-jalan ti Bandung
Balik keuna naek mobil
Dijalana kahujanan
Hujana teh gede angin
Nepi keun ka kabulusan
Eujeung na teh panas tiris
Ku kituna hayang nginum
Nginum na teh jeruk mipis
Ditambah cai nu oanas
Ngadadak tiris teh leungit
Geus kitu sare teh tibra
Nepikeun ka adan maghrib
Guguritan Pupuh Sinom
Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

Guguritan  Pupuh Asmarandana
Éling-éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Éling-éling masing éling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tékad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan
Guguritan Pupuh Dangdanggula
Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina
Hiji basa, hiji bangsa
Basa bangsa, Indonesia
Hiji bangsa, hiji nusa
Nusa tunggal, Nusantara
Seler-seler, suku bangsa
Di wewengkon, mana-mana
Sakasuka, sakaduka
Wujud bangsa, Indonesia






Guguritan Pupuh Maskumambang
Hey manusa mana kaniyaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula
Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya rasrasan
















Sisindiran
Paparikan Piwuruk
Batu kali dina cai
Dina cai aya hurang
Punten abdi sanes ahli
Sepi harti kirang luang
Hayam jago boga dua
dipeuncit poe kamari
kudu getol ka sakola
sangkan jadi jalma ngarti

Ka pasar meuli kapiting
kapitingna tinggal dua
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana
Samemeh ngamparkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
saméméh nyalahkeun batur
tilik heula awak manéh
Ngala lauk meunang selar
bungkusna ku daun jati
Sakur mahluk nu gumelar
dipikaasih ku gusti


0 comments:

Post a Comment