BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Drama
mangrupa hiji seni nu sok disebut multiseni. Sabenerna teu kaleuleuwihi mun
disebut kitu ogé. Sabab dina drama, kasampak sababaraha seni séjénna saperti
seni tari, musik, dékorasi atawa arsiték jsb. Kamekaran drama Sunda teu sakolot
drama nu mekar di Yunani. Drama basa Sunda dipikanyaho kira-kira dina abad
ka-11 jauh pisan jeung drama Yunani nu geus aya ti abad saméméh maséhi. Geus
diebutkeun yén drama téh hiji seni, nu tangtu aya niléy atawa ajén ététisna boh
tina carita, tokoh , atawa artistikna.
Monolog,
mangrupa salasahiji téhnik mintonkeun drama ku saurang aktor. Kiwari drama
monolog geus jadi hiji hal nu biasa dipintonkeun boh dina drama modérn boh
tradisional. Dina drama monolog, aktor kudu leuwih rancagé deui dina nepikeun
amanat lakon nu dibawakeun ka panongton, sabab dina drama monolog tangtu aya
hl-hal nu leuwih hésé tinimbang drama séjénna. Diantarana euweuh
bababturan maén, sarta amanatna kudu ditepiekun ku sorangan.
Sim
kuring saparakanca, baris mintonkeun drama monolog ngadaptasi tina carponna
Kang Hadi AKS, kalayan judul oknum. Éta carpon téh boga hal nu
matak ngirut nu maca, sabab caritana dicokot tina kahirupan nyata sarta leubeut
ku amanat. Saréngséna dipintonkeun, tuluy rék dianalisis dimana sisi éstétisna
éta pintonan drama kalayan pamarekan téori-téori éstétika sarta disawang
numutkeun aliran-aliran éstétikana.
BAB II
KAJIAN PUSTAKA
DRAMA
Wangenan Drama
Drama
mangrupa salasahiji cabang tina kesenian saperti seni
rupa, seni musik, seni tari jeung seni sastra. Di antara cabang-cabang kesenian
éta, seni sastra raket patalina jeung seni drama. Sacara etimologis, drama asal
kecapna tina basa Yunani Kuno draomai anu hartina gerak.
Satuluyna wangenan éta mekar (dina masa Aechylus, 525 – 456) jadi hiji
kajadian, risalah, atawa karangan. Drama hartina dialog dina wangun puisi jeung
prosa kalayan katerangan laku (Putu Wijaya dina Teater).
Wangenan
drama numutkeun sababaraha ahli diantarana:
a) Moulton nétélakeun yén
drama téh mangrupa kahirupan nu di"gambarkeun ku gerak.
b) Brander Mathews nétélakeun
yén drama nya éta konflik tina sifat manusa anu mangrupa sumber
poko drama.
c) Balthazar Verhagen
ngébréhkeun yén drama mangrupa kasenian anu ngagambarkeun sifat
jeung sikep manusa ku gerak.
d) Iskanarwassid (1996:
32) ngébréhkeun yén carita drama nya éta karangan sastra
anu medar hiji carita atawa lakon ngaliwatan dialog anu diperankeun ku
para pamaén (aktor) dina hiji pagelaran.
Dumasar kana sababaraha definisi drama di
luhur bisa dicindekkeun yén drama nya éta lalakon kahirupan manusa
anu dipagelarkeun dina hiji panggung ngaliwatan media dialog, gerak, jeung
tingkah laku dumasar naskah tinulis (minangka hasil sastra) kalayan maké musik,
kakawihan, atawa tarian anu bisa disaksikeun ku panongton.
SAJARAH JEUNG KAMEKARAN DRAMA BAHASA SUNDA
a. Drama Tradisional
Nurutkeun
para sejarahwan, drama bahasa Sunda teu sakolot drama nu mekar di Yunani.
Malahan, drama anu masih primitif ogé kakara aya dina abad
ka-11, saluyu jeung zaman Prahadyan Sri Jayabupati, nu kasohor Raja
Sunda. Patilasan tinulis dina basa Sunda kuno nya éta Carita
Parahyangan anu ditulis dina taun 1570 jeung naskah Siksa Kandang Karesian anu
ditulis dina taun Saka 1440. Kira-kira taun 1518 M, euweuh
katerangan ngeunaan éta drama.
Kamekaran
drama di Bali masih mertahankeun drama tradisional nu primitive, contona waé
drama Calon Arang. Drama di Bali leuwih raket patalina jeung kaagamaan nya éta
agama Hindu Dharma, nu sok maké topéng-topéng nu pikasieuneun jeung
tarian-tarian ritual anu miboga fungsi pikeun nolak bala.
Diperkirakeun drama tradisional anu primitif di Jawa Barat teu béda jauh siga
kitu, sok sanajan meureun leuwih basajan.
Dina
abad ka 18 aya pangaruh sastra lisan drama jenis wayang, contona waé geus aya
wayang Iilingong (klitik), asalna ti Cianjur Kp. Pasir Gombong, Desa Sukamanah,
Pacet. Numutkeun sajarahna, ieu wayang Iilingong diciptakeun ku Kiddin, Kamin
jeung Rati, tilu jalma urang Bali anu jadi buron tug lumpat ka Cianjur. Mimiti
dijieunna tina seludang mayang, satuluyna Dalem Wiratanudatar ka
III anu jadi Bupati Cianjur ka irut ku éta pintonan sarta tuluy ngahadiahkeun
tilu lambar kulit munding pikeun dijieun wayang. Dina mintonkeunnana, maké
sasajén jeung dibarengan ku rajah nalika bubukana. Diantara
lakonna nya éta: Tambakan, Dermada, Wanda Girl, Mupu Kembang, Tigasan,
Sinduraja, jeung Sandekala (husus pikeun ruatan).
Salian
ti wayang Iilingong, drama tradisional anu mekar sabada abad ka 18 leuwih
loba deui. Drama téh sifatna konvensional dina tradisi lisan, jenisna nya éta
Ubrug, anu mekar di Banten jeung Tangerang, Longsér nu mekar di daérah Bandung,
Topéng Cisalak mekar di daerah perbatasan Bogor-Jakarta, Ronggéng Gunung ti
Pangandaran (Ciamis), Jipeng, Betok sarta Gekbreng ti Sukabumi, Topeng Banjét
mekar di Karawang, Bekasi nepi ka Indramayu. Di Cirebon aya Topéng Cirebon
jeung Réog Cirebon nu satuluyna muncul Tarling di Indramayu.
b. Kamekaran Drama Semi
Tradisional
Di
Indonesia mekar sajenis drama anyar minangka pangaruh ti drama Barat
anu disebut komidi stambul. Drama anyar ieu téh disebut ogé sandiwara atawa
tunil. Tunil nya éta pangaruh ti seni drama basa Walanda
“toneel”. Sandiwara sunda dina awal abad dua puluhan geus kagolong drama
transisional alatan sok sanajan make text-play tapi geus meunang ngaropéa.
Salian ti ayana script pikeun pedoman, ogé geus meunang ngasederhanakeun,
contona teu maké tarian husus nalika bubuka tapi langsung kana babak carita,
unsur lawak dikurangan, iwal ti jenis komédi, selingan antara babak jeung
lawak, nyanyian, tarian saperti dina longsér atawa banjét tardisional
dikurangan atawa bisa ogé dileungitkeun. Peran sutradara leuwih jelas alatan
script nu dijadikeun pedoman. Improvisasi anu dilakukeun ku pamaén diwatesanan.
c. Kamekaran
Drama Modern
Anu
dimaksud drama modern nya éta seni drama anu geus nerapkeun cara-cara anyar,
boh dina panyusunan naskah atawa dina pintonanna. Naskah anu disusun umumna
geus maké patunjuk nu lengkep nya éta: dekorasi panggung, gerak pamaén, jeung
operasional kalengkepan pementasan. Jadi, ieu pintonan geus
husus maké pedoman text-play, dilakukeun di teater tertutup, durasi waktuna
leuwih sakeudeung.
Numutkeun
Tedi Muhtadin, dosen di UNPAD Bandung, taun 1923 bisa dianggap minangka tonggak
lahirna drama anu tinulis éta, alatan dina taun éta lahir hiji naskah lakon anu
judulna Lutung Kasarung karya Kartadibrata. Drama modern basa sunda anu tinulis
éta, make sababaraha wangun nya éta prosa, prosa lirik tina sajak. Anu sajak
utamana maké wangun pupuh, nu séjénna mangrupa sisindiran, kawih jeung sajak.
Dina pementasan drama pantun, aya nu maké puisi papantunan nya éta sajenis
puisi klasik anu aya dina carita pantun. Drama nu disusun dina puisi pupuh
biasa disebut gending karesmen.
2.1.3 Unsur-Unsur
Drama
Saujratna
mah, drama téh mangrupa seni kolektif. Drama mangrupa gabungan tina seni musik,
seni laku, seni sora, seni tari, seni sastra sarta seni gamelan. Drama mangrupa
cabang seni audio visual anu didukung ku sababaraha unsur, nya éta:
a. Unsur
ide. Unsur ide mangrupa unsur nu kacida penting dina ngamimitian hiji
helaran. Ieu unsur bisa mangrupa plot carita nu ditepikeun langsung ku pamaén
atawa dituliskeun ngaliwatan naskah.
b. Unsur
tempat. Tempat atau panggung bisa ngawatesaide-idkasempetan pikeun
focus dina hiji tempat, nya éta panggung.
c. Unsur
penonton. Panongton boga kalungguhan nu sarua pentingna dina peméntasan
hiji drama. Panongton mangrupa unsure nu sarua pentingna jeung unsure pamaén.
Sajabaning
ti unsure-unsur diluhur, aya ogé nu ngébréhkeun drama leuwih écés deui, nya
éta:
A. Tokoh
Tokoh
nya éta salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun ngébréhkeun
peristiwa atawa kajadian dina wangun plot, konflik, ide, struktur, lakon,
setting sarta tema.
1. Jenis-jenis tokoh:
A. Protagonis,
nya éta tokoh utama nu dicaritakeun dina lakon
B. Antagonis,
nya éta tokoh nu jadi lawan tina tokoh protagonis
C. Deutragonis nya
éta tokoh nu aya dipihak protagonist, tapi fungsina teu sapenting protagonis.
D. Foil nya
éta tokoh nu aya dipihak antagonis, tapi teu boga fungsi nu sapenting antagonis.
E. Confidant
nya éta tokoh nu jadi sasaran utama dina nepikeun pamadeganna protagonis atawa
antagonis, éta pamadegan umumna teu bisa dipikanyaho ku tokoh séjénna.
F. Raisonneur nya
éta tokoh nu jadi alat atawa media pangarang dina nepikeun amanatna ka
panongton.
G. Utility nya
éta tokoh nu miboga fungsi pikeun ngalakukeun sarupaning hal-hal leutik,
saperti muka panto, ngirim surat jsb.
B. Peristiwa
Peristiwa
mangrupa salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun nepikeun
watak para tokoh. Peristiwa nya éta kalakuan atawa adegan tokoh nu aya dina
hiji lakon boh paguneman, boh gerak-gerik nu bisa ngarangsang tokoh séjénna
sangkan nyieun hiji adegan anyar.
1. Jenis-jenis
peristiwa dina lakon:
a. Peristiwa
awal nya éta peristiwa nu masih aya dina kerangka.
b. Peristiwa
pertengahan nya éta peristiwa anu boga tujuan ngamekarkeun lakon
ku pertentangan antara tokoh protagonis jeung antagonis.
c. Peristiwa
ahir nya éta peristiwa anu ngajelaskeun pertentangan-pertentangan
serta ngahadirkeun sarupaning ajén inajén.
C. Plot
Plot
nya éta hubungan hadirna peristiwa nu hiji ka peristiwa nu séjénna, atawa
adegan nu hiji ka adegan nu séjénna dina hiji lakon.
D. Setting
Setting
nya éta kasang tukang ngeunaan waktu kajadian atawa jaman, tempat kajadian,
sarta cara hirup hiji lakon.
E. Konflik
Konflik
nya éta pertentangan antara dua tokoh atawa leuwih. Konflik jadi hiji
kaniscayaan dina unggal lakon sabab ngadatangkeun hiji ajén tina lakon.
F. Tema, ide, premis,
gagasan
1. Tema nya
èta judul aksi atawa kaayaan, nu terus jadi patokan nepikeun ka bérésna hiji
lakon.
2. Ide nya
èta pikiran pangarang nu dikarakteristikeun ka tokoh-tokoh.
3. Premis nya
èta pendapat / pamadegan pangarang nu disimpulkeun ngaliwatan peristiwa ahir nu
aya dina lakon.
4. Gagasan nyaèta
anjuran atawa ajakan pangarang ka panongton.
G. Dialog, Monolog, Soliloqui,
Aside
1. Dialog nya
éta paguneman antara dua tokoh atawa leuwih.
2. Monolog nya
éta lakon nu dijieun ku pangarang husus dibawakeun ku saurang aktor.
3. Soliloqui nya
éta obrolan eusi hate hiji tokoh.
4. Aside nya
éta obrolan hiji tokoh diantra obrolan tokoh séjénna.
2.1.4 Bagbagan
Drama
A. Saperti
dina genre fiksi, dumasar kana panjang pondokna carita, drama ogé dibagi jadi
dua:
1. Drama panjang nya
éta drama nu biasana kawangun tina tilu-lima babak.
2. Drama pondok nya
éta drama nu diwangun dina sababak, sok disebut ogé drama sababak.
B. Dumasar
kana sifatna:
a. Komedi, nya
éta drama nu dipungkas ku kabungahan panongton nu ngarasa dihibur, biasana dina
adegan-adeganna loba adegan nu pikalucueun.
b. Tragedi, nya
éta carita drama nu dipungkas ku suasana sedih. Biasana tokoh utamana
ngarandapan kaayaan nu nyababkeun sedih, kuciwa, malahan nepi ka maot.
Peristiwa atawa kajadian nu aya dina ieu drama disebut kajadian tragis.
c. Tragikomedi,
nya éta drama nu eusina nyaritakeun suasana sedih campur bungah. Panongton
kadang-kadang sedih jeung kadang-kadang bungah. Di ahir carita biasana tragis,
atawa bisa ogé pikabungaheun.
d. Melodram,. Ieu
drama loba mintonkeun carita dina wangun patalékn, sakedik pisan dialogna.
e. Farse (farce), Drama
nu sifatna ngan lelucon, tingkahlaku pamaénna karikatural, tapi tetep aya flot
carita sanajan leuwih deukeut kana unsure ngabanyolna. (Racikan Sastra ).
C. Dumasar
kana pintonanna:
a. Longsér
b. Ubrug
c. Topeng
banjét
d. Ronggéng
gunung
e. Jipeng
f. Betok
g. Gekbreng
h. Réog
Cirebon
i. Ketoprak
j. Wayang
k. Tarling
l. Sandiwara
m. Pantomim
n. Langenswara
o. Drama
radio
p. Gending
karesmén
D. Dumasar
kana eusina:
Dumasar kana eusina, drama kabagi jadi drama
prosa, puisi, sajak, kawih, sisindiran, jsb.
E. Dumasar
kana wangunna, dibedakeun jadi drama lisan jeung drama tulisan.
0 comments:
Post a Comment