Wednesday, 17 June 2015

KLIPING BAHASA SUNDA

Guguritan
Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan. Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan. Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan, upamana guguritan kénging H. Hasan Mustapa (1852-1930) aya nu panjangna nepika 500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada, sabalikna réa wawacan anu ngan ukur saratus dua ratus pada. Kitu deui aya deuih guguritan anu eusina mangrupa carita anu kayaning "Kiamat Leutik" kénging Toebagoes Djajadilaga atawa "Nu Alus Tetep Alusna" Kénging A. Kartawinata ( dimuat dina mingguan Parahiangan, 1930).
Ari H. Moehamad Moesa nyebut dangdinganana WulangkramaWulang Guru, jeung Wulang Murid anu eusina naséhat tur panjangna masing-masing ngan ukur wewelasan jeung likuran pada téh, wawacan. Jadi umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung kana kahayang nu nganggitna téh. Nu panjang mahi sabukueun disebut wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut guguritan sanajan ngalalakon. Sumberna ngan sacara lisan pada ngapalkeun atawa paling-paling diseténsil pikeun lingkungan husus.
Wangun basa ugeran anu ditulis saluyu jeung aturan dangding, biasana mangrupa lirik anu ngalukiskeun perasaan penulisna, tapi loba ogé anu mangrupa naséhat atawa kisah. Guguritan biasan ngan ukur tina sababaraha pada, sanajanDangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna. Jalma maca guguritan biasana dilagukeun anu disebut ngahariring nyaéta ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula, sedeengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun nyanyikeun lagu pupuh Asmarandana. Dina masa saacan perang murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun sesuai jeung lagu pupuh, tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan biasana di nyanyikeun dina acara tertentu, misalna perpisahan sakola, peringatan hari besar, aya ogé dina surat menyurat.
Kaparigelan nyieun guguritan dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna pinter nembangkeunana ogé. Sabab dina masa sanggeus perang disakola-sakola Dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif,ku kituna guguritan leungit popularitasna, kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya.  Sanajan kitu guguritan kadang-kadang, di muat dina majalah atawa surat kabar. Kumpulan guguritan anu munggaran, anyar terbit taun 1991, nyaéta Jamparing Hariring (Anak panah senandung)) Karya Dédi Widyagiri, sarta dituturkeun ku guguritan Munggah Haji ku Yus Rusyana (Bandung 1995), Ring-ring Ciawaking Wahyu Wibisana (Bandung 1999), jeung Jaladri Tingtrim ku Dyah Padmini (Jakarta 2000).

Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: silihasih; piwuruk; jeung sésébréd. Conto sisindiran:
Aya roda na tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kamana-mana

Dongéng 
Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula. Ilaharna dongéng téh pikeun barudak.  Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma.
Dongéng nya éta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina . Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.  Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna.  Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.  Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja. 

Papasingan Dongéng
Dongéng sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nya éta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa.
Dongéng babad (Sagé)
Dongéng Sagé nya éta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna.
Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan.
Dongéng mité
Dongéng Mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat.  Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot.
Dongéng Pieunteungeun
Dongéng Pieunteungeunnya éta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa.

Dongéng Pamuk
Dongéng Pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah
Dongéng sasakala (Légénda)
Dongéng légénda nya éta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.

Unsur-unsur carita dongéng
1.      Téma, tema nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng. 
2.      Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran. 
3.      Tokoh carita atawa palaku nya éta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4.      Latar (setting), nya éta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng. 
5.      Amanat, nya éta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna. 


Ciri-ciri Dongéng
Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nya éta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan. 
1.      Aya bagian anu pamohalan. 
2.      Asup kana wangun lancaran jeung ugeran. 
3.      Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna. 
4.      Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
5.      Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum. 
6.      Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun. 
7.      Pola ngadongéng sok angger 

Pungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditétélakeun di handap:
·         Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
·         Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
·         Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
·         Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
·         Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
·         Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nya éta virus nu ngamotipasin budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.


0 comments:

Post a Comment