Thursday 18 June 2015

DRAMA 6 ORANG

Poe isuk anu leuwih alus

Aini ngajajakeun goreng cauna, panonna luak lieuk ka katuhu ka kenca bisi aya nu ngageroan rek meuli goreng cauna.

Aini: “ goreng cau, goreng cau”

Keur leumpang, Aini ninggali aya istri anu saumuran jeung manehna keur dagang es mambo. Aini ngabayangkeun budak eta sarua miskinna jeung manehna.

Aini: “ hmm… budak eta oge sumanget ngan saukur dagang hungkul. Teu jadi tukang menta2 di stopan. henteu! sim kuring oge teu boga niat jadi jelema tukang mentaan ka batur”

Aini ngalanjutkeun deui dagangna

Aini: “ goreng cau, goreng cau!”
Nonon: “ es mambo! Es! Es!”

Maranehna papanggih di tungtung jalan. Aini jeung Nonon paseuri-seuri sabari jalan bareng teras ngobrol.

Nonon:” goreng cau maneh loba keneh?”
Aini: “ enya, ari es maneh?”
Nonon: “ lima puluh deui”
Aini: “ emangna mawa sabaraha?”
Nonon: “ saratus”
Aini: “ oh..”

Maranehna ngiuhan di handapeun tangkal asem anu rindang sahingga teu kapanasan.

Nonon:” maneh ngajual goreng cau sabarahaan?”
Aini: “ dua ratus lima puluh hijina.”
Nonon: “ sami atuh abdi oge ngajualna sakitu. Urang patukeur-tukeur we yu!”

Aini awalna mah ragu keneh, tapi tungtungna ngaenyakeun sangkan titatadi manehna oge haus. Aini
nyokot es mambo, Nonon nyokot goreng cauna. Maranehna ngarobrolkeun nguenaan kulawarga masing2.

Nonon: “ Oh enya, nami abdi Nonon.”
Aini: “ nami abdi Aini. Nonon masih keneh sakola?”
Nonon:” enya.”
Aini: “ saha ari anu ngabiayaanna?”
Nonon: “ abdi nyalira tina kauntungan dagang es mambo ieu,”

Aini cicing, di jero hatena ngomong Nonon sami nasibna jeung manehna. Atos puas ngobrol, maranehna balik ka imah masing2.
Enjingna Aini ngajajakeun deui goring cauna. Aini jadi kainget ibuna anu kerja keras ngabiayaan kulawargana janten pembantu rumah tangga. Rama na ka serang struk atos 2 taun.

Aini:” goreng cau, goreng cau! Haneut keneh.”

Di sisi jalan loba tukang becak anu nuju mangkal, salah sahijina ngageroan Aini.

Tukang becak: “ goreng cau neng! Kadieu masih keneh haneutnya?”
Aini: “ muhun mang.”

Aini rada sieun oge sangkan geus ngabohong goreng cauna haneut keneh, padahal mah geus tiis. Tukang becak nagbuka baskom wadah goreng cau teras nyabak cau eta.

Tukang becak: “ ongkoh haneut! Gening tiis kieu. Tong ngabohong ari dagang teh atuh! Teu jadi meuli ah! (sabari ambek)

Aini sieun sabari ceurik. Aya tukang becak nu lainna nagdeukeutan Aini

Pak Warso: “ kunaon neng ceurik? Sabarahaan hijina? Dua ratus lima puluh nya? Bapak meuli 4, teu kudu ceurik.”

Aini ngarasa bersalah pisan sangkan geus ngabohong.

Aini: “ hapunten pak abdi atos ngabohong.”
Pak warso:” atos teu nanaon. Geus tiis oge ngeunah da cauna amis.”

Aini ngabungkuskeun goreng cauna sabari ceurik keneh.

Pak warso: “ naha masih keneh ceurik? Atos atuh tong ceurik wae. Imahna dimana neng?”
Aini:” rorompok abdi di gang Harlan pak.”
Pak warso: “ oh jauh pisan atuh nya. Dagangna sok nepi ka dieu?”
Aini:” henteu pak. Ayeuna mah goreng cau abdi seueur keneh janten dagangna nepi ka dieu.”
Pak warso: “ tong putus asa. Hirup manusa teh teu mulus. Kadang aya di luhur, kadang oge aya di handap siga roda.”
Aini:” muhun pak,”
Pak warso: “ rezeky the geus di atur Allah, jadi tong putus asa nya!”
Aini:” muhun pak nuhun nasihatna.”
Tukang becak:” ah maneh ceurik da hayang goreng cauna payu nya? Ayeuna pan loba anu dagang sok ngabobodo ameh daganganna payu.”
Pak warso: “ Huss! Huss! Tong ngajieun budak ieu leuwih sedih. Jempe we lah!
Pak warso nungtun Aini ngajauhan tukang becak eta.
Pak warso: “ atos tong dipikiran. Engke ka dieu deui nya da bapak mangkal di dieu.”
Aini: “ nuhun pak.” (sabarai ngusap cai panon)
Pak warso :” ngaran bapak Warso.”
Aini: “ abdi Aini pak.”

Aini langsung we ninggalkeun tempat eta teras balik ka imahna.

Aini: “ bu, bapak atos neda?”
Ibu:” atos, ayeuna keur di kamar keur shalat.”

Aini langsung istirahat di kamarna da tadi atos dagang jauh pisan. Pas peutingna…

Ibu:” nuju naon neng?”
Aini: “ eh ieu bu nuju ninggal bulan. Muni caang pisan.”
Ibu:” sadayana eta kehendak Allah. Allah tetep mere anu terbaik keur umat manusa. Dunya nu poek pas peuting jadi caang sangkan aya bulan. Manusa anu sesat, lamun deukeut jeung menta hampura ka Gusti Allah pasti jalanna bakal caang. Lamun urang boga salah, gera menta hampura da Allah Maha Pangampun jeung Maha Penyayang. Allah tara nyiptakeun anu goreng keur manusa, kabeh anu diciptakeun aya mangpaatna. Sok bulan anu katinggali ku eneng teu leuwih gede tibatan piring, namung bisa mere panerangan ka sakabeh dunya.”
Aini:” Subahanallah.”

Aini langsung bersyukur peuting eta saenggeus ngadangu ibuna nyarios kitu. Aini teu putus asa dagang goreng cauna. Malah manehna ngarasa berdosa pas ngabohong goreng cauna haneut keneh.
Aini langsung pamit ka ibuna teras bobo. Subuh keneh Aini atos gugah teras shlat subuh. Saatos eta langsung nyiapkeun kanggo dagang goreng cauna jeung nambahan deui dagangan Aini nyaeta ulen.

Ibu:” neng bade ngadagangkeun dimana?”
Aini:” kumaha engke we bu. Nu penting doakeun abdi supados ieu dagangan teh payu.”
Ibu: “ amin. Sok kade ati2 di jalannya.”

Aini gera leumpang. Poe ieu manehna sumanget pisan dagangna. Loba jelema anu ngageroan manehna rek meuli eta goreng cau jeung ulen.

Bu Indah: “ ulenna sabarahaan?”
Aini:” biasa bu dua ratus lima puluh.”
Bu indah:” tong murah teuing atuh. Ayeuna mah sagala barang oge naraek hargana. Jual we sarebu tilu.”
Aini:” langganan abdi atos seueur bu, abdi sieun engke langganan abdi kararabur hargana di taekkeun.”
Bu indah:” nya wios atuh ibu anu meser sarebu tilu. Ibu nyandak 9 potong ieu artosna tilu rebu.”
Aini:” nuhun bu.”
Bu indah:” dagangna kamana wae?”
Indah:” tebih bu nepi ka gang sentiong.”
Bu indah:” ku ibu di doakeun mugi daganganna enggal seep teras ati2 nya.”

Dagangan Aini poe eta beak teu siga poe kamari-kamarina. Aini gera balik ka imahna teras bebeja ka ibuna.

Aini:” bu Alhamdulillah dagangan abdi ayeuna mah seep.”
Ibu:” Alhamdulillah.” (sabari seuri)






KAHADEAN HARGANA TEU KALINTANG KU BENDA

Rengse sakola. Irwan jeng Daus balik ka imahna nu sewang-sewangan tapi imahna tatanggaan. Daus geus teu tahan terus manehna ngompol dihandapeun tangkal kai gede.
Daus    : wan urang ngompol hela nya geus teu tahan yeuh!
Irwan   : nya gewatkeun ke indung urang nyarekan geura da urang balikna telat.!
Daus    : nya he’eh. Cerewed pisan indung maneh nya. Ha…ha….!
sangges kitu irwan manggih hiji barang di deket tangkal buah.
Irwan   : naon eta nya? Rongsokan jiganamah. Lumayan kan ke bias di jual ka si daus. Hehe!
Sangges kitu daus nyusul ka irwan.
Daus    : naon eta? loket? Loket saha? Dimana maneh manggihna? Iraha menangna? Oh.. maneh maling nya!!!!
Irwan   : naon si maneh ih . nanyana hiji-hiji gera. Bingung urang ngajawabna! Urang manggih loket didieu. Urangge teu nyaho ieu loket saha??. Urang muka ge acan!
Daus    : buka atuh gewatkeun loketna!
Irwan   : nya ke sakedeng!
Irwan jeng daus          : waaaaaaawh. Aya duitna !!
Irwan   : aya KTP na alias Kartu Tanda Pelajar!
Daus    : enya. sigana KTP nu boga loket ieu!
Irwan   : nya alamatna jigana teu jauh tidieu yu urang balikeun!
Daus    : ulah lah! Jang naon dibalikeun ge euweuh untungna jang urang! Mending urang pake bae duitna! Bagi dua be kumaha?
Irwan   : embung ah. Gelo maneh mah. Eta teh dosa! Kumaha lamun nu boga dompet keur bingung neangan dompetna?
Daus    : ngefek emang jang urang!! Titah saha taledor? Salahna ieuh! Dompet ieu kan geus jadi milik urang jadi pake be duitna!
Irwan   : enya nya. Bagi dua be atuh duitna! Geus balik yu!
Terus irwan jeng daus balik ka imahna sewing-sewangan. Teu lila daus dating ka imah Irwan.
Rek ngajak irwan ulin.
Daus    : irwan, irwan ulin yu!
Uswan : eh aya daus! Lebet de! Irwan na nuju di piwarang bapana ngerjakeun PR hela nembe wios ameng!
Daus    : hun mang. nuhunya.
Uswan : daus bade ngaleueut naon? Ke ku aang pangadamelkeun!
Daus    : teu kedah mang. Ke ngarepotkeun!
Uswan : henteu. Ngan ngadamel cai. Kecuali lamun emang piwarang ngerjakeun PR anjeun kakara ngarepotkeun
Daus    : hahahaha emang mah tiasa bae. Jus stroberi be mang!
Uswan : oh uhun antosan sakedap nya!
terus dating bapana Irwan ngomong jeung daus.
Iday     : eh aya daus.
Daus    : hun mang. Kumaha damang?
Iday     : Alhamdulillah.bade ngajak irwan ameng nya?
Daus    : mmm hun mang. Mang abdi wios naros teu?
Iday     : wios bade naros naon?
Daus    : kunaonirwan ngerjakeun PR na ayena kan wengi ge tiasa!
Iday     : hun sih. Tapi mun wengi irwan na sok kaboboan jadina repot be!
Daus    : oh kitu nya mang. Hun antosan be atuh hela sakedap nya!
Iday     : hun sok!
Uswan : Daus ieu caina.
Daus    : hun mang!
Uswan : bapak teu kumpulan dih ayena ?
Iday     : eh uhun aduh dugi ka hilap kusabab nyarios jeung daus bae.
Teu lila.
Daus    : si irwan lila pisan ngerjakeun PR na urangge ngerjakeun teu satengah-satengah jam acan.
Irwan   : eh maaf nya lila? PR na loba pisan!
(bari lempang ka hareupeun imah)
daus     : ges ulah loba alesan ngomong be hese PRna da otask manehmah Pentium hiji!
Irwan   : ah ken bae masalah jang maneh.
Diharepen imah irwan jeng daus rek ngabagi duitnu tadi menag manggih.
Daus    : gewat ih lila pisan!
Irwan   : enya eusina aya 800 rebu mun dibagi dua berarti 400 rebu ewang tapi aya ATM na deui kumaha??
Daus    : keun be teu penting!
teu lila aya ipin dating ka imah irwan. (babaturana lanceuk irwan)
Ipin     : eh aya irwan jeung daus. Ker naon? Biasana mah sok nguseup. Eta naon? Duiit saha??
 Daus   : duit abi!
Ipin      : teu mungkin. Maraneh masih leutik keneh. Maenya kolot mere duit saloba kitu! Ku emang rek ditanyakeun ka usman nya?
Irwan   : ieu duit menang manggih di jalan.
Ipin      : terus kunaon dibagikeun kieu?
Irwan   : daus nu nitah mang.
Ipin      : dieu gera nempo (bari mariksa dompet eta) ieu aya Kartu Tanda Pelajar na. kan bias ditempo alamatna. Tuh teu jauh alamatna tidieu!
Irwan   : tadi mah bade di balikeun ku Irwan. Tapi cek Daus titah ulah.
Ipin      : gening kitu? Ulah kitu. Eta ngarana ngadahar hak batur
Irwan   : abi ge tos nyarios ka daus tapi cenah salah saha taledor.
Ipin      : kusabab kitu balikeun deui dompetna terus bejaan ulah taledor. Jadikeun eta palajaran keur manehna sangkan ulah taledor
Daus    : maaf mang abi teu sadar.
Irwan   : yu urang balikeun deui dompetna kanu bogana!
Terus dau jeng irwan dating ka imah nu boga dompet rek malikeun dompetna.
 Daus   : ASSALAMU’ALAIKUM.
Anan   : WAALAIKUMSALLAM. Saha?
Daus    : leres ieu bumina anan nasti
Anan   : hun leres aya naon nya? Ieu sahanya?
Irwan   : abdi irwan ieu rerencangan abdi daus. Abdi bade ngauihkeun dompet ieu.
Anan   : dompet ? antosan sakedap bade di cek hela. Mangga lebet!
Anan asup ka kamerna rek mariksa dompetna. daus jeng irwan mah diuk bari merhatikeun eusi imah.
Anan   : oh uhun dompet abi ical hatur nuhun tos di uihkeun. Aranjen mah mani bageur!.
Daus    : ah etamah tos kawajiban abdi.
Irwan   : nya uhun
Anan   : sakali deui hatur nuhun nya.
Irwan dan daus : nya. Sami sami!

Sangges kitu terus irwan jeng daus balik ka imah na masing-masing

0 comments:

Post a Comment