Thursday 18 June 2015

DRAMA BULE YANG TERSAKITI 10 ORANG

Nadia (Mimin)   : Beunghar
Anisah (Ida)       : Foto Model
Vina ( Itoh)        : Anak RT
Maura (Cucu)     : Bageur
Elisa (Euis)         : Sombong
Siti.A. ( Ipah)      : Mamih Bule
Dani (Bahrul)      : Bule
Nandang (Saud)  : Babaturan Bule
Endra (Pa RT)     : Bapana Itoh
Yuda (Kosim)     : Pemuda Desa



BULE YANG TERSAKITI

(Bahrul jeung Saud datang ti Afganistan, rek ka Mamih Ipah di Desa Suka Maju, Kecamatan Suka Mundur)
Bahrul  : Alhamdulillah, nepi oge (bari nguliat, leungeun sabelahna ngabadug si Saud)
Saud     : Ari anjeun, nya kunaon? (bari sosorongot)
Bahrul  : Kuring bungah pisan sabab bisa papanggih jeung si Euis deui. Mani sosno pisan ka Euis teh (bari ngagandong kantong, ngagiridig ka imah emana)
(Saud panasaran hayang nempo rupa Euis. Bari melong nuturkeun si Bahrul.)
(Bahrul nepi di imah emana. Emana langsung ngagorowok .)
Ma Ipah: Bahrul (bari ngalungkeun sapu nu keur di cekel, langsung nyamperkeun Bahrul)
            Saud melong teu percaya
Saud     : Ieu Euis teh? (Bari reuwas)
Bahrul  : Nya lain atuh, ieu mah mamih kuring (leumpang nyamperkeun bari langsung  salam   ka emana, di tuturkeun ku Saud)
Bahrul  : Kumaha damang?
Mamih Ipah : Damang mamih mah.
Bahrul  : Saenes mamih, maksad teh Euis damang teu?
Mamih Ipah : Yeh, sugan teh naros mamih. Duka atuh Euis mah, tingal we ka bumina.
            (Teu lila Bahrul langsung ngagidig ka bumina Euis.)
Saud    : Kamana, Bahrul? (ngagorowok bari lumpat nuturkeun Bahrul)

Di jalan Bahrul jeung Saud papanggih jeung Ida, Mimin, jeung Itoh. Nu tiluan eta teh kacida bogohna ka Bahrul si Bule.
Ida       : Ya Allah. Bule ti mana eta? Mani waw.
Mimin : Keun ah, lalaki eta kudu jadi kabogoh urang.
Itoh     : Ah, Mimin mah ngimpi wae, moal oge bogoheun. Barinage pasti bakal jadi kabogoh urang.
*Di Imah Euis *
Bahrul : Assalammualaikum, Euis..... (Euis kaluar. Pas ningali Bahrul kacida ngewana.)
Euis     : Aya naon kadieu?
Bahrul : Atuh Euis mah kitu...Pan aa teh mani sono pisan ka Euis.
Euis     : Ey, mani sebel!
Bahrul : Euis, kumaha damang?
            (Euis teu ngajawab, Malah melong bari ngabalieur. Pas Euis rek nutupkeun panto, aya Kosim ngalewat. Euis nyamperkeun Kosim bari nyigrikeun Bahrul jeung Saud. Bahrul nepi ka ngajengkang.)
Saud    : Ey, Soak (bari ningali Euis keur ngobrol jeung Kosim.)
Bahrul : Euis, aa uih heula?
Euis     : Hnnjik.....(Bari teu ningali beungeut Bahrul.)

Pa RT, Itoh datang ka imah Emana Bahrul.
Mamih Ipah : Aya naon, Pa RT?
Pa RT  : Saur murangkalih abdi Bahrul teh mulang ka lembur?
Mamih Ipah : Muhun.
            (Bahrul jeung Saud datang, Bahrul langsung ngagidig. Langsung ka kamar, di tuturkeun ku Saud.)
Mamih Ipah : Ai Bahrul nya kunaon? Puntenn Pa RT, Itoh. Bahrul na nuju teu damang panginten.
Itoh     : Yah..... Moal tiasa sono-sonoan sareng aa Bahrul.
Pa RT  : Oh, muhun. Wios. (bari nungtun Itoh kaluar.)

*Bahrul Nuju Ngalamun. Cucu Nyamperkeun Bari Ngarewaskeun. *

Cucu   : A.....Bahrul! Mikirkeun Cucu nya? (bari diuk gigireun Bahrul.)
Bahrul : Eh. Cucu.....
Cucu   : Ih...AA Bahrul mah mani cuek, ka Cucu teh. (Bahrul teu ngajawab.) A Bahrul, damang?
            (Ida jeung Mimin nyamperkeun.)
Ida       : A Bahrul nujju naon?
Cucuc  : Aya naon kadieu. (Bari ningali Ida jeung Mimin. Saud kaluar, reuwas ningali si Mimin nu geulis pisan.)
Saud    : Dupi ieu teh saha? (Nyamperkeun Mimin.)
Mimin : Perkenalkeun, abdi teh calon kabogoh aa Bule.
Ida jeung Cucu : Naon? Calon kabogoh!
            (Bahrul di geroan ku emana, langsung asup ka imah.)

Ida, Mimin, jeung Cucu, parerea omong. Saud bingung ningalina.
Kosim keur diuk di teras imah. Euis nyamperkeun.
Kosim : Aya naon Euis?
Euis     : Henteu A. Hoyong we nepangan aa.
            (Bahrul ningali nu duaan eta susulumputan, ngadangukeun Kosim jeung Euis ngobrol. Pa RT nyamperkeun Bahrul.)
Pa RT  : Bahrul nuju naon? (Bari ngagorowok)
            (Euius jeung Kosim langsung ngalieuk ka Bahrul jeung Pa RT.)
Bahrul : Eh ieu Pa, teu nuju nanaon da. (Bari ngaleos di tuturkeun ku Pa RT.)
Mamih Ipah : Bahrul kumaha lamun Bahrul teh nikah weh jeung Cucu?
Bahrul : Nikah mih? (semu reuwas) alim ah, Bahrul mah hoyong nage ka Euis.
Cucu datang.
Mamih Ipah : Eh Cucu, damang geulis?
Cucu    : Damang Ma. (Salam bari mikeun bingkisan)
Mamih Ipah : Tuh Bahrul, kurang naon sok si Cucu? Geus bageur, geulis deuih. Teu kawas si Euis. Nurus tunjung, budak teh.
Bahrul : Ah, Mamih mah kitu. Sakali Euis tetep Euis. Sanajan loba awewe anu leuwih geulis ti Euis, Bahrul mah tetep milih Euis. Poko namah lope-lope salawasna weh.....
Saud datang.
Saud : Bener Bahrul, urang teh kudu satia. Sa encan janur koneng beak di pasar. Kawas urang nu bogoh pisan ka Mimin.
Cucu : Heh, anjeun saha sih?
Saud : Saha we da bebas.
Cucu : Ma Ipah, Cucu bade uih ah! Mangga A Bahrul?
Bahrul jeung Mamih Ipah : Oh, muhun mangga.

*Di Luar Cucu Papanggih Jeung Kosim*

Kosim : Eh Cucu, mulih kamana? Kosim teh mani sono ka Cucu, tos lami teu pendak.
Cucu : Kosim, Cucu teh cape, leuleus, lieur, jaba nuju alim pependak jeung Kosim teh! (Ninggalkeun Kosim)
Kosim : Aduh Cucu, pujaan Akang. Bet naha mani tega kitu? Pan akang teh bogoh pisan ka      Cucu. (Diuk bari ngomong sorangan. Bahrul datang)
Bahrul : Heh Kosim! Ti ayeunamah ulah sok ngadekeutan Euis lah!
Kosim : Naon atuh? Barinage saha nu bogoh ka Euis? Eta mah Euis na we nu nyakeutan Kosim.
Bahrul : Hah? Euuis ngadekeutan Kosim? Nu leres we?
Kosim : Teu langkung, ari teu percanten mah. Da nu jelas mah Kosim teh bogoh nage ka Cucu!

*Itoh, Mimih, jeung Ida, Datang*

Itoh     : Kunaon sih, maraneh teh marebutkeun si Euis?
Ida       : Heeuh, si Euis mah teu pantes, jadi rebutan?
Mimin : Muhun, atuh da Bahrul mah kedah nage sareng Mimin!
Euis datang
Euis     : Aya naon ieu teh, mani rame. Aya nami Euis dih.
Itoh, Ida, Mimin, jeung  Kosim : Teu!
Bahrul : Eh, Euis? Bade ka AA nya?
Euis     : Sanes.... yey gr. Da abi mah bade ka aa Kosim?
Kosim : Euis, tos lah ti semet yeuna mah tong sok nyakeutan Kosim. Akang mah da teu bogoh ka Euis teh. Bogoh nage ka Cucu.
Euis     : Naon A. (Reuwas, bari kabur)
Itoh, Ida, jeung Mimin : Nyeri tah!

*Bahrul Ngudag Euis*

Bahrul : Euis tungguan aa!
Itoh, Ida, Mimin, jeung kosim, kaluar ti panggung.
Bahrul : Euis, saur aa ge mendingan ka aa?
Euis     : Punten aa, Euis teh sok sombongka aa, sok cuek ka aa, padahal mah a Bahrul teh       cinta sajati Euis.

*Bahrul Nuntun Euis Ka Luar Panggung*

Kacaritakeun Kosim jeung Cucu teh jadi nikah. Kitu oge Saud jeung Mimin anu ahirna nikah. Euis jeung Bahrul mah komo tos janten suami istri. Itoh jeung Ida mah masih keneh can manggih pasangan.













0 comments:

Post a Comment