Thursday 18 June 2015

DRAMA Lurah Lengser

Lurah Lengser

(Dina ieu drama, nyaritakeun hiji lembur nu dipingpin ku Lurah Anton. Wargi dina eta lembur teh rupa-rupa pisan. Diantawisna aya 3 ibu-ibu nu paduli kana kaadaan eta lembur)

ANDI         : (lurah bulak-balik neangan warga di balai desa) “Kamarana ieu warga teh? Ges dititah ngumpul ti kamari meni hararese.)
(teu kungsi lila juljol datang ibu-ibu ka balai desa)
FUJI        : “Ehh naha jararempling keneh ieu teh kamarana, kur aya pa lurah hungkul ning. Wilujeng enjing Pa Lurah”
ANDI          : “Atuh wayah kieu mah sanes wilujeng enjing. Kamarana atuh nu sanes, pan tos dipasihan terang ku abdi teh dinten ayeuna kempel di Bali desa tabuh 9.
FUJI          : “Duka atuh abdi ge teu terang. Ehh eta ning darongkap ibu-ibu teh. hai tos timarana atuh?”
KIRANA          : “Nya biasa we tos belanja heula, tadi kamana? naha atuh tadi teu ngiring balanja?’
FUJI         : “Asalna mah bade nyimpang heula, ngan emut pan bade aya penyuluhan ti Pa Lurah. Aduh bu genia meni sae ieu tas na ieu sanes nu nembe digaleuh teh?”
GAGAN          : “Muhun atuh puguh we da hargina oge awis ieu mah bahana ge tina kulit asli.”
KIRANA         : “Euleuh sok balaga meser ti Pasar Baru ge.”
GAGAN          : “Ahh keun bae ath. Eh ningan tos aya Pa Lurah teh, hayu atuh urang ngawitan.”
KIRANA         : “Muhun, siang manten.”
ANDI          : “Nu ngadamel ieu panyuluhan mulaina siang teh pan ibu-ibu atuh.”
FUJI          : “Nya entos atuh, bari ngantosan nu sanes urang kawitan atuh pa lurah.”
KIRANA          : (bari ngahaarewos)  “ari ieu teh panyuluhan naon?”
FUJI          : “duka atuh, ceunah mah panyuluhan perkawis panyakit demam berdarah.”
KIRANA          : “ohh kitu, paling ge UUD ieu mah.”
GAGAN          : “Naon kitu ari UUD teh? undang-undang dasar kitu?”
KIRANA          : “sanes buuu, UUD teh ...... Ujung-ujungna Duit”
GAGAN          : “ohh kitu.”
FUJI          : “atos ahh pa lurah bade ngawitan”
AANDI          : “Assalamualaikum. Ibu-ibu sadaya. Hatur nuhun kanggo waktosna tos tiasa dongkap ka ieu panyuluhan. Dina danget ieu sim kuring salaku pa lurah bade ngadugikeun panyuluhan perkawis panyakit demam berdarah. Yen eta panyakit teh bahaya pisan. Nah ibu-ibu ku lantaran eta urang teh kedah terang kumaha carana ngahindar ti eta panyakit. Diantawisna nganggo bubuk abate. Ngan wayahna kedah digaleuh pangaosna 75rebu. Dugi ka dieu aya nu bade ditaroskeun?”
GAGAN          : “eta pangaos 75 rebu teh kanggo sakaluargi apa kumaha eta teh? naha awis kitu?”
ANDI          : “muhun kanggo sakaluarga ieu obat teh.”
FUJI          : “tapi naha. da abdi tos ngadangu  ti lembur nu sanes, eta bubuk abate teu dijual nya dipasihan we ka wargi sadaya.”
KIRANA          : “wah naha atuh keur naon eta 75 rebu teh?”
ANDI          : “pan benten benten unggal lemburna. Da seueur atuh mangpaatna oge teu kedah nagributkeun anu 75 rebu.”
FUJI          : “teu tiasa kitu atuh pa lurah,  angger da lembur urang mah kamari patungan kanggo ngalereskeun aula desa, eta ge can mayar sadayana ieu tos bade ngempelkeun dieui dana.”
KIRANA          : “enya, pan urang ge ngagaduhan hak kanggo terang eta seep dana kamana wae.”
GAGAN          : “Muhun, atuh ieu teh kumaha.”
ANDI          : “atos, ayeuna mah tong waka raribut. Ieu dangukeun tibatan ngaributkeun anu 75 rebu mending ayeuna mah urang sasarengan mikirkeun lamun urang keuna eta panyakit biayana bakal leuwih maha ibu-ibu.”
FUJI         : “Tapi naha atuh di lembur nu sanes teh eta abate tiasa digratiskeun?’
ANDI          : “eta mah benten deui mereun. Atoslah ayeuna mah tos dicekapkeun dugi ka dieu. Hatur nuhun ibu-ibu tos tiasa dongkap ka ieu panyuluhan. Wassalamualaikum.”
(Pa lurah ninggalkeun balai desa)
KIRANA          : “ehh kumaha pa lurah teh. bade kamana naha buru buru entosan kieu?”
GAGAN          : “teu tiasa kitu atuhnya lurah teh, kedahna mah dijelaskeun heula eta nu 75rebu teh kanggo naon bae teras naha di lembur nu sanes tiasa digratiskeun kitu.”
FUJI          : “muhun nya, lamun kieu terus teu tiasa dibiarkeun kitu wae.”
KIRANA          : “urang kudu kumaha atuh?”
FUJI          : “lamun urang ngahiji babarengan jigana bakal didangu lamun urang demo ka pa lurah. Da lain perkawis nu 75 rebu wae pan. Sateuacana per bulan urang kedah mayar iuran 20rebu sabulan kanggo kebersihan, teu acan nu 5 rebu sadinten kanggo pemelirahaan aula desa. Salila eta urang teu acan ngarasakeun mangpaatna.”
GAGAN          : “hayu atuh urang ngempel deui enjing di bumi abdi, kanggo eta demo.”
KIRANA          : “hayu abdi ge setuju.”
(enjingna di bumi bu Genia...)
FUJI&KIRANA      : “Assalamualaikum”
GAGAN          : “mangga kalebet.”
FJUJI          : “kumaha tos dikempelkeun bahan kanggo demo teh?”
GAGAN          : “aya, tos abdi kempelkeun dana naon bae anu di suhunkeun ku pa lurah.”
KIRANA          : “ehh, tos terang teu acan ceunah mah pa lurah teh tos nikah deui ka gadis 17 taun.”
FUJI          : “waaah enya kitu?’
KIRANA          : “muhun, kamari mamahna eta gadis teh pependak sareng abdi teras nyarita we, eta nikah na ngan ukur 4 poe deuih, di ceraikeun duka kunaon pa lurah teh.”
FUJI          : “muhun nya, kumaha pipikiranana atuh eta lurah teh.”
GAGAN          : “makin we ku urang di demo ari kieu caritana mah.”
KIRANA          : “hayu atuh urang ka balai desa.”
(dugi di balai desa...)
“turunkeun pa Lurah, turunkeun pa lurah, turunkeun pa lurah.”
ANDI         : (kaluar ti balai desa) “aya naon ieu teh?”
“turunkeun pa Lurah, turunkeun pa lurah, turunkeun pa lurah.”
ANDI          : “tenang-tenang aya naon atuh? Naha kudu kieu sagala?”
FUJI          : “urang sadaya warga lembur ieu hoyong pa lurah mundur kusabab tos seueur pisan nu teu bener ti eta dana nu dikempelkeun teh.”
KIRANA          : “warga tos gaduh buktina, tos dilaporkeun oge ka pa camat janten nungguan waktos we pa lurah dilengserkeun.”
ANDI          : “teu tiasa, moal tiasa abdi dilengserkeun kieu wae.”
GAGAN          : “urang sadaya tos ngalapor ka KPK, sareng bukti-buktina.”
(akhirna pa lurah ditangkep ku KPK lantaran terbukti tos ngalakukeun korupsi dana desa. Warga hirup leuwih sejahtera lantaran lurah sateuacana tos dilengserkeun.)


0 comments:

Post a Comment